Mulih ka Sajak Mulang ka Sajak
basa aing keur hanca jagat sajak
alam guguritan ngagupayan
ceunah, kadieu sorga – kaditu naraka
sok geura jieun sajak lalampahan
tingali kamana manusa sunda kiwari
laju rurusuhan aing ngaléos némpo ka kalér
ningali ka kidul, ehéy geuning kamarana!
laju aing mapay ka kulon: ehéy kamarana
geuning samar tapak urutna!
alam guguritan prakna oge leungit
basa aing keur hanca jagat sajak
ceunah, aya beja manéhna nyumput
jeung manusa sunda ti handap hawu,
nyasab ti poékna waktu.
Bogor, 2025
Hujan Girimis
hujan girimis angin ngahiliwir
asup ngaliwat lantera imah leutik kuring
eiii, meuni caang!
bulan ti bijil poek na peuting
hujan girimis angin ngahiliwir
asup kana jiwa kuring ngagungkeun Allah
ooo, meuni raos karinduan téh!
mapay muncak ka ruhur langit
peuting: awan nu ngawang
hujan girimis angin ngahiliwir
asup netep dina haté kalayan sora
sakabeh alam: béntang kukurilipan
eeh, meuni rehe!
kamarana manusa nu nyukcruk
jaman nu ka pungkur téh.
Muara, 2025
Balik ka Huma
kuring lalajo langit, Gusti
ujug-ujug nonghol harepan
sareng pupujian nu katampi
mangsa ti sisi gawir gunung
salaka
aya beja carita, lamun prakna
jaman geus teu puguh rupina
geura balik deui ka huma
ka pikukuh indung jeung bapa.
Pamijahan, 2025