Pancakaki jeung Puisi nu Séjén

Pancakaki jeung Puisi nu Séjén

Michiel Adr. de Ruyter: en face en en profil: sculptuur – David Humbert de Superville

Stasiun Bekasi – Stasiun Bogor

basa udar-ider ngalalakon hirup, pangumbaraan teh geuning teu katampi ku carita, teu ka-serat ku sakabeh manusa

naha, urang teu tiasa ngapapasten lakon ti buana panca tengah, teu mirosea kana siloka hujan silantang, teu katampi sasmita-na balébat?

sabab aya nu leuwih pikasieneun
salian ngayuga tangtu, nyaeta kaleungitan
pangharepan keur hirup nu ngindung ka waktu.

2025

Pancakaki

lamun sakabeh manusa di dunya
makekeun pancakaki
meren sakabeh jadi duduluran
hirup jadi silih asihan

plung!
moal aya perang sandekala
moal aya mangsa kacarita

lamun sakabeh manusa di dunya
ngawitan pancakaki
meren sakabeh jadi babarayaan
hirup jadi silih asuhan

hung!
moal aya maneh timur – aing barat
moal aya maneh hideung – aing bodas

jeung seterusna, keun ceunah dirarasaan.

2025

Lembur Urug

Ki Lengser ngadongeng:
hiji tangkal kawung
hiji pepelakan manusa
hiji babanda nu teu aya dua
plak-plek-plok
sia jeung aing
keur lalajo
plak-plek-plok
sia jeung aing
naha garelo

ku wayah nu teu katembong
slerrr!

2025

  • Manusia yang menyenangi pembelajaran di dunia perkebunan kata, pembacaan fenomena-peristiwa, dan penulisan yang tak pernah selesai menunggu sampai di mana dan akan bagaimana permainan labirin kehidupan ini selesai.

    Lihat semua pos