Wilujeung Sumping jeung Puisi nu Séjén

Wilujeung Sumping jeung Puisi nu Séjén

Nyumput Buni di nu Caang

.

Gusti Nu Agung

abdi nyumput buni

di nu caang

supaya jambatan welas asih

mapai sorangan

.

Cai di luhur mapai ka handap

neangan bumi jeung sare sakedap

Angin di handap mapai ka luhur

tara sare tara nangtung

Seneu di kulon mapai ka kidul

saha nu ilu, baturna arilu

.

Taneh kamana! Taneh ti-mana ayana?

Nonghol panca curiga nungtun sagala carita

saha jalma nu nyalira

pidoa saha anu ngalayang ka nu-Maha

Laju panca niti ngabayang dina panon

hiber jauh nuju ka awang:

Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke, aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna

.

Abdi cicing di handap tangkal

taneh saha nu siling kapendak

nuju babarengan kapamulangan?

eheh, lain hate lain akalna

Manusa poho rasana

inget hirupna

tilu sanjata nu mere hartina

nu maha kawasa ngabukakeun pantona

.

Gusti Nu Agung

akar nyumput di handap

tangkal nangtung ngajulang

manusa poho jalana

alam igel waktuna.

.

2022-2023

.

Kebon Raja

: keur Bogor

.

Aing nembe pisan dongkap

nyalira kokoreh-ngaguar nu teleum

sanajan hirup teu-hurip

sanajan dunya kalewat rupana

sanajan mangsa sakabeh sirna

Keun! Aing arek nyalira ngaguar-kokoreh

nu lengit ti bumi sangkala.

.

2023-2024

.

Wilujeung Sumping

.

Di hiji poe, Simkuring ngabayangkeun

sarebu jiwa ngawang-ngawang

sanes keur perang – sanes keur parebut

kakuasaan

atanapi keur nareangan hate Tuhan:

aya nu kekeuh naraekan ka gugunungan

turun ka sisieun lautan

cenah didinya hate Tuhan

aya nu mumujaan ka warisan karuhunan

ti pusaka jeung babatuan

cenah didinya oge hate Tuhan

aya deui nu unggal poe, bulan, taun,

ka imah-paribadahan jieunan maranehna sorangan

lewat kabudayaan – lewat kasajarahan

cenah didinya pisan hate Tuhan

.

Di hiji poe, Simkuring embung ngabayangkeun

deui sarebu jiwa nu ngawang-ngawang

nu neangan hate Tuhan

sabab bentang jeung zaman

panon poe jeung caang bulan

ceuk kuring mah eta ge hate Tuhan.

Sapun!

.

2024-2025

  • Manusia yang menyenangi pembelajaran di dunia perkebunan kata, pembacaan fenomena-peristiwa, dan penulisan yang tak pernah selesai menunggu sampai di mana dan akan bagaimana permainan labirin kehidupan ini selesai.

    Lihat semua pos