PARABU SINALA ADJI JEUNG GUNUNG TJAMPEA

Kira-kira 16 kilometer kuloneun Bogor, kalereun jalan gede ti Bogor ka Leuwiliang, aya hiji gunung leutik anu ayeuna disarebutna Gunung Cibodas atawa Gunung Tjampea. Baheula mah ngarana teh Gunung Kibodas; sabab batu-batuna meh kabeh barodas. Tina ngaran Kibodas, eta gunung nyorang sababaraha kali ganti ngaran; antarana nyorang disarebut Gunung Sinala, Gunung Sinalang, atawa aya anu […]