Kira-kira 16 kilometer kuloneun Bogor, kalereun jalan gede ti Bogor ka Leuwiliang, aya hiji gunung leutik anu ayeuna disarebutna Gunung Cibodas atawa Gunung Tjampea. Baheula mah ngarana teh Gunung Kibodas; sabab batu-batuna meh kabeh barodas. Tina ngaran Kibodas, eta gunung nyorang sababaraha kali ganti ngaran; antarana nyorang disarebut Gunung Sinala, Gunung Sinalang, atawa aya anu nyebut Pasir Sinalang.
Nya gunung eta pisan anu disebut-sebut dina sababaraha carita baheula anu dina taun 1908 dikumpulkeun ku hiji Mantri Pulisi di wilayah Kewedanaan Leuwiliang, dina carita pantun *Ngadegna Padjadjaran” disebut kieu: “Tapi cokot heula serat di guha gunung Sinalang, beusi disosoek kunu nyarieun duit tina seneu.”
Dina carita Parabu Sinala Adji dicaritakeun, yen lantaran kapahung, Parabu Sinala Adji teh nyumput kana guha di Gunung Kibodas. Dina taun 1957 ku Bapa Djam’an ti Cikampak, ka anu ngasongkeun ieu tulisan diterangkeun, yen eta “surat” teh memang bener aya. Ngan bae, Pa Djam’an sorangan mah henteu nyahoeun di guha anu mana ayana eta tulisan anu ungkal-ringkelna cara tulisan dina batu-tapak di sisi Ciaruteun Batu Purnawarman tea, lantaran manehna mah nyahoeunana kana ayana tulisan eta teh tina carita sobatna anu bareto kungsi jadi salah sahiji kuncen di eta gunung, tapi ayeuna geus lila pindah ti Ciampea.
Upama eta dua carita dihijikeun jeung beja ti Bapa Djam’an tadi, sarta memang bener ayana guha anu disebut Sinala, nya tetela pisan, yen Gunung Kibodas teh Gunung Sinala, Gunung Cibodas ayeuna. Ku kituna, asa moal ku piraku-piraku teuing lamun eta gunung henteu ngabunian keneh bahan-bahan paluruheun kana rasiah-rasiahna leungitna nagara baheula anu ngarana di sarangka Taruma atawa Tarumanagara katut rajana anu ngarana ditangtukeun Purnawarman tea!
Ari lantaranana, lain bae dina luhurna eta gunung aya sesa arca-arca ti zaman baheula, tapi ayana eta gunung teh henteu sabaraha jauhna ti patilasan-patilasan, saperti; batu-tapak-gajah, batu-tapak-lobang, jeung batu-tapak-dampal “Radja Purnawarman” di sisi Ciaruteun!
Nu nulis ieu karangan geus sababaraha kali úsaha sangkan bisa manggihan eta guha anu disebut di luhur, tapi nepi ka ayena can hasil keneh. Ari sabab-sababna mah nyaeta: 1. Teu boga piongkoseunana; 2. Di Ciampea, ayeuna geus teu aya jalma anu apal bener, kana sakabeh guha di eta gunung. Anu kacida apaleunana teh ngan Bapa Bi’in anu ayeuna mah geus almarhum. Tinggal Bapa Oeti, kitu ge Pa Oeti na geus nyarita terus terang, yen manehna mah apalna ngan kana guha-guha sayang manuk walet bae; ari guha Sinala mah ceuk Pa Geti bener aya, tapi di dinya teh teu aya tulisan Hindu.
Ku kituna, nepi ka ayeuna can kanyahoan bener-henteuna aya tulisan kuno di salah sahiji guha. Upama aya, naon anu dituliskeun teh? Saha anu (marentah) nuliskeunana (natahna). Lamun bener Parabu Sinala Adji kungsi aya, saha anjeunna teh? Kumaha tali-tumalina ka Tarumanagara jeung Purnawarman? Kumaha tali-tumalina Tarumanagara ka Nagara Padjadjaran Siliwangi?
Pertanyaan-pertanyaan anu tadi, kiwari mah can bisa kajawab kalayan dijugrugkeun bukti-buktina. Najan kitu, ari anu jiga arek tetela mah, nyaeta Parabu Sinala Adji, can seug tea mah kungsi aya, tangtu, gumekarna teh dina zaman sabadana Purnawarman Tarumanagara. Sangkaan anu bieu teh didasarkeun kana ngaran jalan-jalan Parabu Sinala Adji anu dina taun 1908 diturunkeun ka Mantri Pulisi Rumpin. Mangga urang titenan.
***
Ki Menak: Tjeuk bedja ti karuhun-karuhun baheula mah, baheula pisan mah lembur Rumpin teh ngarana lain Rumpin, eujeung lain lembur, tapi dayeuh anu ngaranna dayeuh RUM-IN! Sabab di taneuh sakurilingna loba djasa emas (=katjida)! Jeung nyana oge lain di lebahna anu kiwari; tapi di lebahan anu kiwari disebut Radja Mandala, baheula di dinya aya paseban anu gede djasa!
Ari anu kacaturkeun harita jadi radja, ngaranna Parabu Sinala Adji! Inyana (+anjeunna) boga anak pulung anu ngaranna Ki Suda Tungtang anu kaceluk ku kawanina jeung ku loba pangabisana. Ku raja inyana dipercaya jasa, nepikeun ka dipulung minantu. Laju disina jadi wakil radja di Pahiliran. Ku sabab rasa inyana raja geus percaya jasa, nya marentahna Suda Tungtang teh sakarep inyana bae!
Lain bae ngamudukeun, (ngudukeun) somah maraj (=majar) upeti anu loba jasa, tapi inyana gawena ngan mincer (=maen sintir) jeung ngadu hayam bae! Amun inyana eleh, nya hutangna mudu dibayaran ku somah; saban lembur digiliran dimudukeun maraj!
Jaba ti kitu, inyana hanteu kaop neulen (nyeuleu) cawene bagus. Mudu bae dijangelan heula ku inyana! Cawene-cawene anu geus kajamahan (=diparkosa) ku inyana loba anu kalalabur, marubus ka jero leuweung. Laju nyarieun babakan, anu engkena katelah Babakan Tegaraksa (kiwari disebutna Tigaraksa).
Suda Tungtang mingkin pang-aingna djeung mingkin ngaruksak keuna (kana) kahirupan somah anu ku inyana dicaram seba ka Parabu Sinala Adji.
Tjeuk Suda Tungtang ka sakabeh somah djeung kakolot-kolotna, “Ngaing didjenengkeun ku raja jadi wakil radja marentah di dieu. Sabab eta, anu jadi raja sia kabehan di dieu teh nya ngaing! Sabab kitu, sia kabehan muduna seba jeung upeti teh, nja mudu ka ngaing!”
Da ngaranna oge atuh somah, nya nurut bae. Tapi upeti tambah beurat-beurat, jeung seba teh mani euweuh usumna. Karuhan Cawene mani geus euweuh ewewe (=awewe) ngora nu weuteuh.
Ku sebab eta Suda Tungtang beurang-peuting ngan njoungeutan minyak hancut bae (minyak haneut madat), nya inyana loba jasa hutangna ka nangkoda-nangkoda anu marawa eta minyak hideung ti tanah sabrang!
Pikeun majar hutangna, Suda Tungtang ngajualan tanah raja sakalian jeung somah-somahna! Nya karuhan tanagara bilangan (wewengkon) pahiliran mah, kahirupan sarusah jasa ka raja Sinala Adji aja nu mangadu, tapi mimitina mah inyana hante percayaeun!
Anggeus lila-lila ti pahiliran hanteu aya bae seba, nja laju raja ngajurungan patikna anu ngaranna Ki Djombang Lanang nyalukan Suda Tungtang. Datangan Ki Patih Djombang Lanang, dipapagkeun ku Suda Tuntang. Tapi lain ku ketuk-tilu anu halimpu, lain calung anu ngirut lelembutan. Dipapag ku gendang dipadungdungkeun, ku tarompet dilelewakeun! Laju sabari nyarekan laklak-dasar, Suda Tungtang ngajak gelut!
Lain ku sabab henteu wani, tapi ku sabab diparentahna ku raja ngan saukur neang jeung hanteu ditalatahan meunang gelut, nya Ki Djombang Lanang teh ninggalkeun kalang ninggalkeunana sabari tanggah. Tanggahna sabari lumpat: ngan lumpatna sataker tanaga! Leungeun kencana ngajingjing samping; leungeun katuhnna diputerkeun cara kolecer! Matakna lumpat sabari tanggah?
Abeh ulah disebut sieun! Matakna sabari ngajingjing samping? Abeh ulah soek; sabab samping meunang ngindjeum! Matakna leungeun dikolecerkeun? Abeh lumpatna gancang jasa, jeung abeh ulah keuna ku panenggor amun aya nu malengpeng.
Kacaturkeun Ki Djombang Lanang anggeus nepi ka dayeuh Rum-in (Rumpin)! Inyana mangadu ka raja. Nya karuhan raja teh marah jasa! Tjeuk raja ka Ki Patih Djombang, “Teang huyut sia!”
Ki Djombang Lanang nindak (indit) neang uyutna anu ngaranna Ki Bujut Bage. Nindakna henteu lumpat jeung leungeunna hanteu dikolecerkeun deui. Ari tanggah jeung ngajingjing sampingna mah sabari keneh. Sabab? Sabab mudu ngaliwatan imah bebene; jeung supaya dideuleuna jiga anu panggagahna. Ari leungeun hanteu dikolecerkeun mah aya sabab deui! Njaeta beusi (bisi) ku pimitohaeun disebut jelema burung!
Kecapkeun! Geus nepi ka imah Ki Bujut Bage! Ari Ki Bujut Bage saha? Jelemana jangkung gede! Mun inyana nangtung tukangeun kebo bikang, anu handapeun bujalna teh, leumpengan pisan ka anu nangkolok handapeun buntut.
Tjeuk Ki Djombang Lanang, “Jut, dicalukan ku radja!”
Tjeuk Ki Bujut Bage, “Eudeuk naon cenah!”
Tjeuk Ki Djombang Lanang, “Nyaaaaahoo!”
Tjeuk Ki Bujut Bage, “Boa deuk nitah ngered! Bejakeun heurapna keur diajuman keneh kituh!”
Tjeuk Ki Djombang Lanang, “Lin deuk ngered! Bejana mah deuk tambah pangsiun!”
Atuh Ki Buyut Bage, sanajan geus kolot jasa oge, ari keuna eudeuk ditambah pangsiun mah, nya getap (=kesit) jasa nindakna. Ngan getapna mani haliwu make iketna ge sabari leumpang.! Tapi ku sabab haliwu teuing, inyana henteu engeuh (sadar) anu tadi dirawel teh lain iket tapi calana Nini Buyut.
Tjeuk Ki Buyut Bage bari make iket sabari gugurutu, “Ku hese-hese teuing! Ari geus kolot. Make iket geh mani sarua keur baheula muka kokolor Si Nini keur mimiti! Mana tungtungna?”
Ari dideuleu teh, ceuk Ki Bujut Bage, “Biiiiiiiiii.” Ladju tjalana si Nini teh kusiwel diselapkeun kana djero sampingna; nja ladjuna mah ka hareupeun radja teh hanteu make iket2 atjan.
Tjeuk radja, “Ki Bujut Bage! Nadjan geus pangsiun geh, djamakna bae! Ku sabab’ ngaing butuh ku dia, dia mudu dines deui! Bawa ku dia balad samahina! Ladju indit ka Pahiliran! Si Suda Tungtang kudu kabawa ka hareupeun ngaing!”
Ti hareupenn radja, Ki Bujut Bage ladju bae ngagidig ka pahiliran. Hanteu njimpang beula ka imahna, djeung mawa baladna oge, ngan sakur anu kasampak di djalan bae! Henteu kacatur di djalana! Ngan tengah djalan injana papapag djeung Nji Putri Lajaperbata anu ku radja dilakiankeun ka Suda Tungtang.
Tjeuk Ki Bujut Bage, “Njai Putri, eudeuk ka mana sosoranganan aja di leuweung kieu?”
Tjeuk Nji Putri Lajaperbata, “Kula teh diserahkeun Jut? Kula diusir mudu mulang saharita keneh!”
Entjan anggeus Ki Bujut Bage eudeuk tatanja deui, ku injana karasa taneuh teh asa eundeur, djeung hawar-hawar ti kadjauhan kadenge sora loba djelema susurakan. Hanteu lila ku injana kadeuleu Suda Tungtang ngacung-ngacungkeun peureup sabari hoheakan eudeuk ngarugrog dayeuh Rum-in. Nyi Putri Lajaperbata ku Ki Bujut Bage sina buru-buru nindak masing djauh.
Ladju Ki Bujut Bage ngabagi-bagi baladna, sedjana eudeuk megat Suda Tungtang. Injana henteu njahoeun Suda Tungtang mawa baladna loba djasa; sabab Suda Tungtang njambat balad ti radja sabrang kulon.
(Di lebahan urut Ki Bujut Bage deuk nungguan musuh, di dinja djaga ngadeg Lembur anu dingaranan Djagabaja. Kiwari aja keneh).
Katjaturkeun der-ider perang anu raos djasa perangna nepikeun ka taneuh didinja djadi ledeg; djeung enggon perang teh mani lega kabina-bina.
(Tah eta sabab-sababna kiwari hanteu djauh ti Djagabaja aja tegal eurih upluk-aplak satungtung deuleu).
Ku sabab bilangan lobana balad Ki Bujut Bage hanteu nanding keuna lobana balad Suda Tungtang, nja karuhan bae Ki Suda Tungtang teh unggul perangna. Ki Bujut Bage kadeseh! Injana mundur sabari perang, perangna sabari mundur! Tapi ku sabab injana anggeus kolot djasa aki-akina, injana atuh mundurna teh loba tidjongklok. Ladju katewak ku Suda Tungtang. Injana dipeuntjit; huluna dibalangkeun; nja ragrag, deukeut anu kiwari disarebut Warung Borong. Huluna Ki Bujut Bage ragrag, ladju djadi batu.
(Djaga engkena eta hulu ana djadi batu teh baris dibawa ku djelema bule! Djeung engke amun eta hulu anu djadi batu geus aja anu bisa ngahidjikeun deui djeung awakna anu oge djadi batu, engke Ki Bujut Bage bakal djadi djelema deui. Tapi djadi djelama ngora anu baris ngabuka kabeh rasiah-rasiah ponggawa anu hanteu aja deui gawena djaba ti njusahkeun somah wungkul).
Anggeus maehan Ki Bajut Bage, Suda Tungtang tambah ngamukna! Sedjana deuk maehan radja. Tapi radja mah kaburu ngeli; sedjana deuk ngeli ka Situ Untjal, bari nanggoan balad-baladna anu didatangkeun ti gunung-gunung di Djanglapa kiwari.
(Kiwari anu disebut Situ Untjal geus euweuh urut-urutna atjan. Ngan di urut radja nanggoan balad-baladna, engke djaga ngadeg lembur anu kiwari disebutna Dago).
Katjaturkeun enggonna ngeli radja teh kapanggih ku Suda Tungtang. Ladju radja mubus ka leuweung. Sedjana deuk ngadon tapa di Situ Siluman; supaja nala sinalaan supaja darangdan paeh kahalodoan, supaja Tji Sadani tetep dani, ngadanikeun anak-intju. nja urang Sunda nu ngarantep suda lalakonna.
(Situ Siluman kiwari aja keneh; tapi ngaranna ganti djadi Situ Daun. Ajana- sagirangeun Tjampea).
Urang tuturkeun radja keur mubus. Injana asup leuweung kaluar leuweung, mapaj-mapaj walungan ka girangeun; ladju unggah! Deukeut ka Gunung Kibodas injana kapabung di rantjah gede anu hese djasa disabranganana. Katambah harita teh anggeus wajah ngadeukeutan keuna poek djeung ti kadjauhan hawer kadenge musuh anu teu beda tina adjag nutur latjak mentjek.
Radja ladju handjat deui tina rantjah; ladju unggah ka gunung ladju njumput dina djero guha. (Eta gunung kiwari aja keneh. Baheulana pisan disarebutna Gunung Kibodas; ladju katelah Gunung Sinala, ku sabab dipake njumput ku radja Sinala Adji. Tapi engkena digaranti nelahna nja djadi Gunung Sinalang, sabab anggeus tudjah kali ganti ngaran, eta gunung baris djadi talang, kiwari kara disebut Gunung Tjibodas!)
Dilebahan radja kapahung engkena baris djadi lembur anu ngaranna Pakung. (Ajeuna disebutna Pakurungan). Waktu Suda Tungtang njahoeun guha enggen njumputna Parabu Sinala Adji, injana cudeuk asup. Tapi hanteu bisaeun: sabab ti djero kaluar hawa anu panas djasa, saperti aja seuneu anu ngagudag-gudag ti djero guha. (Kiwari eta guha aja keneh; disarebutna geh Guha Dindala).
Hidji peuting waktu musuh anu ngadjaraga di luar guha keur narundutan Parabu Sinala Adji ngiles ti djero guha. Ladju norobos leuweung andam. Tapi henteu kaburu djauh! Sabab sisi walungan injana kasusul ku Suda Tungtang. Nja di sisi eta tjai, Parabu Sinala Adji katewak ku Suda Tungtang. Ladju dipeuntjit. Dipeuntjitna ku gobang pontang.
Tapi henteu daekeun teurak! Parabu Sinala Adji dipeuntjit deui; tapi teu daekeun bae teurak dipeuntjit deui, dipeun! Barang braj kingkilaban ka beurang eta gobang Suda Tungtang udjug-udjug ngarubakan sarubak daun sente. Ladju ditepak ku Parabu Sinala Adji. Gobangna mentjleng; nja ragrag dilebahan kiwari lembur Gobang!
Parabu Sinala Adji mah ngiles hanteu kadeuleu! Ngan ku Suda Tungtang kadenge aja sora tanpa rupa anu njarita:
“Suda Tungtang! Sedja sia ngampeha (maehan) ngaing di ieu tjai! Tapi kiwari lain wajahna ngaing mudu undur ti alam pegelaran! Oge lain wajahna kiwari ngaing ngabales kadengkian sia! Tapi engke, engke. Dimana disagara kidul meletek deui srangenge anu ngideran djagatna hanteu ngaluhuran putjuk sempur dipasir lajuna, tah ngaing baris nembongan deui; kumpul djeung tudjuh pangeusi djagat papantunan! Dimana deui Nji Pohatji digedog ku Nini Balangantrang, ngaing baris mulang deui ka dieu! Urang teruskeun ngaladjung tarung tutumpuran, urang sorang perang urang nu wekasan! Ti wates poe ieu, ngaing aja di basisir Sagara Kidul.!”
Suda Tungtang reuwas djasa waktu Parabu Sinala Adji leungit tina tjekelanana. Ladju injana amprung-amprungan. Njao teuing ka mana.?! Bedjana mah mapaj-mapaj basisir Sagara Kidul! Tapi Suda Tungtang moal bisa djauh mapajna; sabab injana moal bisaeun njabrang walungan Tji Mandiri. Saban walunganana ku injana bakal kasampak dipalangan ku dadap malang. Iraha wajahna Parabu Sinała Adji barisna mulang deui?
Engke, engke Ki Menak! Engke amun nu laliwung geus darani, sisi Tji Pakantjilan ngadeg gedong tudjuh sabangun, ladju gunung Sinala ganti ngaran malik deui djadi bodas, djadi talang sinalangan ti muara Tji Aruteun ka sagara paungguhan! Sing waspada! Saban bangsa urang baris diadukeun!
Ari Nji Putri Lajaperbata? Kamana andjeunna? Injana mah mubus ka leuweung pudak sisi Tji Sadani. Njaeta dilebahan kiwari Tumenggungan anu mimiti! Ti Suda Tungtang injana hanteu boga anak. Injana lakian deui ka hidji bandar getek. Nja boga anak, kabehna tudjuh. Anu genep mah ewewe; ari anu panengahna djalu. Anak-anak ewewena anu genep, kabeh ge baragus djasa, bagusna kaliwat saking.
Tah eta sabab-sababna baheula mah tjawene djeung awewe ngora urang Tumenggungan teh euweuh anu handingan kabagusanana. Bubuhan turunan Nji Putri! Tapi sanggeus perang di taneuh Bugel mah, kiwari euweuh anu luar biasa bagusna. Sabab ragrag diwaktu perang. Njaeta perang djeung baraja keneh gara-gara Nji Panganten direbut ku urang Djambang sabrang wetan!
Anak Nji Putri anu panengah, anu djalu tea, ngarundajkeun kokolot ti Sarepong ka girangna. Malah engkena saurang mah baris njekel pangkat saluhureun demang! Ngan lalaki turunan Nji Putri mah hidji oge euweuh anu baragus. Nadjan njekel pangkat luhur oge hanteu djiga menak! Ari walungan enggon dipeuntjitna Parabu Sinala Adji, nja eta tjai anu kiwari disarebutna Tji Ampea. AJEUNA MAH TJI TJAMPEA.
Nyanggakeun!
SINOM (“N” R. H. Chodidjah Machtam)
Nadjan radja pinandita,
nadjan ratu anu njantri,
mun kadupak ku asmara,
rubuh pengkuhna pinasti,
nu matak ku agama,
dilarang njaketan santun,
ganda anu berdjina
malati mamala ati,
da grus njata jakin
pibahlarunana.
Padjadjaran Tengah, 1909/1963
Penulis: Mochtar Kala (Rakean Minda Kalangan)
Catatan: Arsip ini diambil dari Majalah Baranangsiang (1963) dan disunting-editori oleh Teguh Tri Fauzi. Halimun Salaka mempublikasikan ulang plus menyebarluaskan tulisan Mochtar Kala ini dimaksudkan sebagai wahana reflektif bersama mengenai sesuatu “pucklore”yang pernah tersebar di Bogor, khususnya diperuntukkan dalam menyambut Hari Jadi Bogor ke-544.

