KELONG WEWE: MITOS ATAWA PAKTA?

KELONG WEWE: MITOS ATAWA PAKTA?

Gambar: Dok. halimunsalaka di Galeri Bumiparawira


/Versi 1/ Kuda Bodas jeung Nini-nini

Basa harita teh, pernah urang ngaleman peristiwa nu jadi kapercayaan jalma tapi sabenerna oge teu kaharti ku akal manusa. Nya, jiga judul tulisan ieu. Basa keur leutik, jigana mah umuran genep atau tujuh tahunan (kelas 1 SD jigana), baturan urang pernah di hiji magrib teh ngaleungit. Maksudna teh lain ngaleungit jiga disulap, tapi diteangan dimamana oge teu kapanggih. Padahal ceuk umina, manehna teh angkat masigit basa magrib eta, jiga biasana. Glek!

Jiga budak leutik nu sejen, baheula, urang teh nyampeur ka imah si Acung (ngaran samaran). Biasa weh kitu: mawa samping sarung, sirah dikopeahan, oge nengteng buku Iqra. Jiga budak leutik basa harita, nya kabiasaan urang-urang teh sok sosolawatan di masigit bari nungguan muazin rek siap-siap azan, tuluy geus solat teh angkat balajar ngaji.

Poe harita teh sagalana beda. Pas disampeur ka imahna teh, sing horeng si Acung eta teh geus angkat ceunah ka masigit ceuk umina. Nya atuh urang jeung si Adut (ngaran samaran), babaturan hiji deui, teh euweuh curiga nanaon. Angkat weh urang ka masigit lulumpatan da sieun katinggaleun sosolawatan. “Culangung si Acung, ninggaleun urang, Dut! Awas nyah sia, Cung!” ceuk urang teh sabari lulumpatan.

Di masigit, urang manggihan babaturan nu sejen. Rame masigit teh ku barudak, teu jiga ayeuna. Harita teh aya wae budak nu kancolah ngome pecut sarung, aya wae nu lulumpatan, terus di jero, sawareh budak teh keur sosolawatan, oge aya wae nu icingan di juru jiga teu dibaturan. Jaman kiwari mah jigana moal manggihan barudak jiga urang-urang baheula. Barudak teh jiga hoream indit ka masigit, boroning sosolawatan, gandeng saeutik ge dicarek ku nu kolot jiga eta nu kolot teh can pernah kancolah di masigit keur basa leutikna. Atawa barudak mah milih nongkrong di warung sabari mabar.

Tah, urang jeung si Adut teh neangan si Acung bari cocolohokan, jeun teuing dicarek ge. Tapi, salobana eta barudak nu di masigit, urang jeung si Adut teu manggihan manehna. “Ah, boa keur ngala wudu di cai!” ceuk si Adut teh da teu aya pirasat nanaon. Sarua nu ku urang rarasa, keur ucingan sumput meureun jeung barudak, atawa keur ngala wudu. Urang jeung si Adut akhirna pipilueun jeung nu sejen: sosolawatan, lain kancolah nyah! Hiyahiyahiya.

Singkat carita, solat magrib geus rengse. Urang can oge manggihan si Acung. Nanya ka barudak, loba nu teu nempoeun ceunah. Tapi salah sahiji budak aya nu nempo si Acung teh beneran angkat ti imahna, tapi teu nepi ka masigit. Teu boga pirasat nanaon, urang mah ongkoh weh ngaji ka imah Pak Ustaz. Di tempat pangajian, si Acug ge da euwuh. Budak baringung, tapi ongkoh teu curiga nanaon.

Pek horeng teh pas balik ngaji, geus rame jelema di imah si Acung. Urang jeung barudak nu sejen lulumpatan ka imah si Acung. Umina keur ceurik, loba bapak-bapak nu keur ngaromongkeun si Acung sabari siap-siap mamawa parabot dapur jiga kekenceng, tudung saji, panci, sodet, jeung sajabana. Pak RT sagala jeung kiyai-kiyai oge aya. Aya warga nu dititah neangan batang tangkal Honje, aya nu dititah mawa calana jero, sagala rupa nepi ka sapu nyere jeung ijuk ge disiapkeun.

Urang bingung, aya naon sugan ieu teh? Teu lila urang digegero ku umi, titah balik ceunah. Nya urang teh balik, si Adut oge jeung barudak ge ngarampih ka imah masing-masing. Di imah, umi urang carita si Acung teh ceunah diculik Kalong Wewe. Urang kaget. Emang urang geus pernah ngadenge carita soal jurig eta. Sangkaan urang teh eta mah mitos doangan. Tapi teu nyangka mun baturan urang sorangan nu jadi korbanna. Ieu mah bukti kalawan nyata! Oge da urang mah budak leutik nu keneh gampang dibobodo jeung dibebenjo, percaya weh ka carita modelan kitu patut.

Di imah, urang teh ngadenge suara kokoletrakan nu muasalna ti sora parabot nu ditakolan ku warga. Kabeh bapak-bapak jeung umi-umi eta nyalukan si Acung geura balik. Aya oge nu sosolawatan jeung babacaan ayat suci Al Quran. Eta suasana basa harita teh meuni keu’eung. Hawa sieun jeung poek peuting teh padu. Urang mah karunya weh ka si Acung mun dikukumahakeun eta ku si jurig. Si Acung mah jelema bageur, pinter, jeung rajin solat-ngaji-na. Mikiran eta, urang nepi teu bisa sare, padahal isukan teh kudu angkat sakola.

Geus lumayan lila, sora warga ge geus jauh kacida nepi teu kadenge, alhamdulillah-na aya kabar si Acung teh kapanggih di kebon bangkuang di tukangeun lembur, deukeut sakola SD Inpres (tempat sakola urang jeung barudak, kaasup si Acung oge). Sora amang-amang bobolohokan tur gogorowokan, ceunah, “Si Acung kapanggih! Si Acung kapanggih!”. Eta sora jigana kadenge ku kabeh jelema salembur kusabab oge kabeh jelema keur awas ceulina nungguan kabar si Acung. Bapak urang nu ngadenge si Acung kapanggih tuluy lumpat gancang ka imah si Acung.

Ceuk bapak urang mah, si Acung teh pelenga-polongo jiga nu satengah sadar. Ditanya nanaon ngan icing wae. Nu kaucap ku manehna ngan manehna teh ceunah dibawa ku Kuda Bodas jeung nini-nini. Ceuk si nini teh, manehna menta tulung ka si Acung pang ngalakeun bangkuang di kebon pikeun dahar kudana. Di leungeunna si Acung nu bucak ku leutak, manehna masih keneh ngeupeul babaraha bangkuang. Sawareh, bangkuang eta diasupkeun ka sarung nu geus dijieun jiga model kantong.

Reeeeeyyyyy weh urang merinding ngadenge carita eta. Mangkaning geus tengah peuting. Urang teu bisa sare kalawan panasaran hayang nyampeurkeun, tapi pasti ulaheun ku kolot dan palaur jeung oge geus lain wayah budak kukuluyuran. Nu penting mah, hate urang teh lega. Syukur alhamdulillahna si Acung salamet.

Isukanna, urang jeung barudak oge Pak Guru, ka imah si Acung. Sing horeng teh si Acung langsung geuring. Di imahna masih aya santri-santri Pak Ustaz nu ngajikeun, ceunah supaya euweuh nu “katinggaleun” di dunia sejen. Tina obrolan umina si Acung jeung Pak Guru mah akur caritana jeung nu dicaritakeun ku kolot urang. Ti harita, ngaranna budak leutik di lembur urang, unggal disampeur magrib teh sok ulaheun ka masigit ku kolotna, kaasup urang. Masigit jadi rehe ku budak jiga ayeuna wae. Babaraha bulan ti basa harita kajadian si Acung, geus tiis hawana, urang karak kajeuneun deui ka masigit pikeun solat magrib.

Eits! Ulah nanya di mana lembur urang, nyah! Jigana mah carita model kieu teh, maraneh ge boga da pastina. Moal jauh beda.


/ Versi 2/ Jurig Tangkal Berenuk

Mang tahun lilana, urang nu harita budak berenyit SD geus jadi budak SMA, pindah lembur da kolot pindah imah. Hampir mirip kajadianna ngan ayeuna mah geus teu sumpar-sampeur. Urang teh karak balik solat magrib jeung si Iping (ngaran samaran), tatangga imah. Pas nepi ka imah teh, umina si Iping teh keur ceurik di lawang panto. Si Iping nu geus nempo ti jauh langsung lumpat nyampeurkeun. Urang ge milu lumpat.

“Si Ajeng leungit! Si Ajeng leungit!” ceuk umina si Iping sabari ceurik. Urang langsung kaget, da inget carita si Acung. Bedana, si Ajeng ieu teh keneh umur lima tahun, adina si Iping. Umina teh diinterogasi ku si Iping. Tina kasaksian umina mah, si Ajeng teh aya di imah awalna mah. Ditinggalkeun ka cai ku umina da arek solat magrib. Teu ngeuh si Ajeng teh kaluar imah, umina si iping teh solat magrib weh beres ngala wudu teh. Umina ngeuh si Ajeng euweuh teh pas beres solat. Umina nyalukan si Ajeng tapi euwueh. Umina sempet neangan kaluar imah, kukurilingan ti sakitaran imah. Si Ajeng teu kapanggih, beneran leungit, ceunah.

Si Iping panik, tuluy nitah urang ngagegero barudak oge Pak RT. Teu lila teh basa urang balik deui ka imah si Iping, geus rame jelema. Pak Ustaz jeung sesepuh kampung oge geus karumpul. Pemuda-pemuda geus siap marawa bedog jeung parang. Ceuk Pak Ustaz teh sok geura marawa parabot dapur urang ngurilingan kampung sabari ngagegero Ajeng geura balik! Fix! Ieu mah sarua jeung carita si Acung. Teu kudu dibejaan deui, pasti kabeh jelema mikir ieu ulah si Kelong Wewe kaasup pikiran urang ge sarua.

Urang carita ka barudak remaja, soal si Acung. Kabeh dicaritakeun persis nu ku urang tulis di luhur. Teu lila, ketua pemuda teh ngabagi pemuda jeung remaja jadi babaraha kelompok. Aya nu kelompok neangan ke sawah, aya nu neangan ka leuweung, aya nu neangan ka lembur batur. Urang kabagian jeung pemuda-pemuda nu kudu bubulusukan ka leuweung, ngaranna leuweung Lebong. Ari bapak-bapak jeung umi-umi mah geus pasti titah nguriling lembur sabari nakolan parabot.

Pamimpin urang teh ngaranna Bram (ngaran samaran) jeung Bastian (ngaran samaran). “Geura nyokot senter, terus bedog atawa parang, atawa naon weh nu bisa jadi sanjata!” ceuk maranehna teh. Urang nyokot bedog ka imah. Umi urang ayeuna mah teu nyarek jeung oge teu nitah urang balik. Tapi urang nu nitah adi urang balik, bisi aya nanaon. Angkatlah kelompok urang teh ka Lebong, basa jam tujuhan.

Sapanjang jalan, bari udud, urang ngobrol weh biasa. Urang-urang teh ngomongkeun si Ajeng nu emang leutik-leutik neuhneur tur lenger. Teu heran mun magrib-magrib kitu si Ajeng wani kaluar imah. Apesna, manehna leungit teuing kamana, pamikiran urang lembur mah pasti ku Kelong Wewe. Euweuh deui! Pasti!

Lampu senter diarahkeun ka sagala arah sabari neangan ngajaga bisi si Ajeng aya disalah sahiiji tangkal atawa semak-semak. Ti mimiti urang masih ngadenge sora warga nu gogorowokan jeung nakolan parabot, akhirna urang geus ngarasa urang teh jauh ti lembur. Rehe ceuli ti sora takolan parabot. Urang hampir nepi ka leuweung eta. Reeeeeyyyyyy rarasaan urang jadi teu ngeunah. Hawa keu’keung tur poekna leuweung, ditambah suara tonggeret jeung jangkrik. Hawar-hawar sora curug oge kadenge ti arah jero leuweung. Euweuh waas-waas acan keur kieu mah, nu aya hayang balik weh.

Sa teu acan asup ka wilayah leuweung, si Bram jeung si Bastian teh nyeuneut udud tur dialungkeun ka jero leuweung. “Sarat! Bisi kadugian urang teh teu dipikahayang, sahenteuna urang geus mere udud!” ceuk maranehna teh. Rada teu kaharti, tapi nyanggeuslah kumaha deui. Lalaunan urang kabehan teh asup ka leuweung eta.

Sora curug mangkin kadenge. Jukut-jukut laluhur ngagetekeun suku. Tatangkalan kabeh laluhur. Poek sapoek-poekna nepi lampu senter ge jiga euweuh gunana. Di tengah leuweung deket curug Lebong eta, urang kabehan gogorowokan menta si Ajeng dibalikeun, mun diculik tea mah ku Kelong Wewe. Tapi nepi beak udud babaraha batang. Tantangan si Bram jeung si Bastian teh euwueh nu nyambut ti pihak jurig. Urang kabehan akhirna nyimpulkeun si Ajeng teu dibawa kadieu ku Kelong Wewe. Balik katuhu, gerak!

Di jalanan balik, aya nu nyaut ti tukang jiga suara ngadeuheum. Urang teu ningali nanaon, tapi ceunah si Bram ningali mahluk jiga pocong nu ngadeuheum eta. Manehna jiga nu ngobrol. Urang sih percaya teu percaya ka kajadian eta. Tapi, si Bram yakin ceunah kalawan si Ajeng teh aya di tangkal Berenuk deket susukan. Mung sakitu inpo ti pocong pusat mah. Wkwkwk!

Singkat carita urang geus nepi deui ka lembur. Bapak-bapak jeung umi-umi keneh rame di imah si Iping. Sabagian aya nu ngaji di jero imah, kaasup si Iping nu emang jebolan pasantren. Si Bram jeung si Bastian laporan ka RT jeung ketua pamuda. Harita teh geus jam sambilanan. Datang kabar ti si Jenong (ngaran samaran) si Ajeng teh aya di tangkal Berenuk di daerah susukan. Si Jenong eta ceunah menta sareat ti dukun di lembur tatangga. Ti dinya si Bram langsung ngakurkeun carita si Jenong jeung obrolan manehna jeung pocong. Urang jadi rada kaget. Bisa sarua kitu inpona. Ulah-ulah si dukun eta ge nanyana ka pocong nu sarua.

Ketua pamuda nitah kabeh barudak ngora langsung neangan tangkal Berenuk. Tapi samemeh eta, urang kabehan disuguhan kopi ku dulurna si Iping. Nyarantai weh heul barudak teh, sabari mikiran, “emang aya tangkal Berenuk di aliran susukan?”. Beak udud sabatang dua batang, katua pamuda ngaeureuwah. “Hayu atuh caricing wae, bisi kaburu dikukumaha eta si Ajeng karunya! Hayu kabehan urang ka susukan! Urang teangan eta tangkal Berenuk! Tuar bila perlu supaya eta jurig ngabalikeun si Ajeng ka dunia!”

Bring urang kabehan jeung barudak ka susukan neangan tangkal Berenuk. Bener wae! Aya hiji tangkal Berenuk deket ka arah tengah sawah. Di kurilingan eta tangkal ku kabehan. Nepi si Jenong jeung babaraha jelema nyebur ka susukan ngabelaan supaya bisa ngurilingan tangkal nu aya digawir susukan eta. Seneu dihurungkeun, udud dibeuleumkeun, parabot ditakolan, bedog diacung-acungkeun, kabeh jelema ngagorowok nu sarua: “Ajeng geura balik! Maneh geus kanyahoan aya didieu! Balikeun! Balikeun!”

Mun nginget eta jiga ritual sekte penyembah jurig Siluman Cangkang Berenuk, sumpah. Urang ge jadi kapikiran, apa kieu baheula warga neangan si Acung? Eta si Acung nepi bisa kapanggih, salamet.

Geus baraha lila di tangkal Berenuk, akhirna urang kabehan balik ka imah si Iping teu mawa nanaon, boro-boro jurig Kelong Wewe, tanda-tanda si Ajeng nonghol ge euweuh. Sapeuting eta imah si Iping dibagadangan ku pamuda. Tapi urang mah balik, da pahareup-hareup ieu imah si Iping mah jeung imah kolot urang. Oge urang kudu sakola pan isukanna.

Singkat carita, geus tilu poe ti kajadian si Ajeng leungit, umina si Iping masih teu narimakeun kanyataan. Kabeh pamuda boga niatan tahlil zikir menta ka gusti Allah supaya terus nangtayungan si Ajeng. Mun tea si Ajeng geus euweuh umur, supaya husnul khotimah di jalan Allah. Harita teh beres solat magrib, urang kabehan ngabring ka imah si Iping.

Teu lila, pangajian dimulai. Solawat dipanjatkeun, pupujian, hadiah oge dilantunkeun. Can oge nepi ka tahlil zikir, kadengean ku kabehan suara meledug ti luhur imah si Iping. Kabeh jelema ngahorejat. Kabawa ku hawa panasaran, babarahan jalma naek ka genteng jeung ka para. Di genteng euweuh manggih nanaon. Nu ka para, ceunah nempo pocongan (maksudna jiga beungkeutan kain) aya di para. Pas menta senter, terus disorotkeun ka eta babanda, ceunah leungit! Geger kabeh warga ku kajadian eta. Kasebar bahwa kaluarga si Iping teh bener-bener diguna-guna. Ti basa si Ajeng leungit teh lain teu kahaja diculik ku jurig, ceunah aya jelema nu memang jadi dalang ieu kabeh. Omongan eta bener sarua jeung nu diomongkeun ku Ustaz jeung Kiyai. Lain nyumput atawa disumputkeun di tangkal Berenuk.

“Hese ari kieu mah! Hiji-hijina cara urang kudu neangan saha jelema nu jadi panyebab ieu kabeh teh!” ceuk si Ustaz.

Ti kajadian eta, basa dua atawa tilu poe, aya kabar si Ajeng teh geus kapanggih di daerah lembur jauh beda tilu kacamatan ti lembur urang. Geblegna, ceunah si Ajeng teh dibawa ku bapakna nu emang karak cerai babaraha bulan katukang jeung umina. Geus diteangan kamamana, capek, tunya-tanya ka dukun, ustaz, nepi ka pocong. Ternyata urang kabehan salembur di-prank. Hiyahiyahiya!

Lain bohong, kajadian si Ajeng ieu jadi oconan barudak remaja jeung pamuda salembureun. Si Iping nepi ka menta hampura ka kabehan. Katingali raray si Iping teh pinuh ku rarasa era. Tapi urang kabehan ge maklum wae, da si Iping jeung umina ge sarua jadi korban tina kasus ieu mah. Emang bener ceuk kiyai aya jelema nu jadi dalang ieu kabeh kajadian, tapi euweuh sangkut pautna jeung goib. Komo nepi nyalahkeun tangkal Berenuk jeung kudu percaya dukun jeung obrolan pocong mah.

Ti basa harita nepi ka ayeuna, geus jarang kadenge eksistensi Kelong Wewe deui. Urang jadi mikir, apa pas kajadian si Acung ge sarua model kieu nyah? Dibobodo weh urang teh nyah? Urang nu harita leutik keneh diantep percaya wae si Acung teh diculik ku Kelong Wewe versi Kuda Bodas jeung Nini-Nini. Boa-boa lain kitu caritana. Abong weh kolot baheula paureun tur risieun loba budak leutik kancolah di masigit, ngieun mtos-mitos kieu nepi budak sarieuneun indit ka masigit.

Jaman ayeuna mah geus leungit tah mitos nyingsieunan budak leutik magrib-magrib, da teu disingsieunan ge budak ayeuna mah geus tara ka masigit. Barudak mah milih nongkrong weh sabari mabar. Kelong Wewe nu tugasna ngaganggu budak nu keur diajar, dibiasakeun rajin ka masigit jadi makan gaji buta. Atawa milu mabar sugan eta Kelong Wewe teh bari selpi pake aipon boba?

Budak ge ayeuna mah ngarasa aman euweuh nu nyarekanan di masigit, da maranehna di warung. Sarua amanna jeung bapak-bapak nu akhirna bisa khusuk ibadah kusabab euweuh budak nu kancolah. Paling oge mun kahareup tea mah, saha nu bakal ngisian eta masigit pas nu ayeuna kolot geus maraot? Sugan kapikiran? Sugan jurig Kelong Wewe atau Siluman Cangkang Berenuk nu ngisian? Nauzubillah!***