Ngunggahkeun Pantun kana Seni Panggung Nasional

Ngunggahkeun Pantun kana Seni Panggung Nasional

Saparantos sababaraha lami ngalaman waktos sapertos reureuh heula. Ahir-ahir ieu di kalangan urang Sunda aya deui usalan ngararungkab carios-carios pantun; raehaneun kangge panggungkeuneun, disusun deui didamel lalakon sandiwara.

Jalaran eta teh hiji usaha anu sahenteu-henteuna oge ngagaduhan sangkut paut kana sajarah, usaha putra-putri Sunda anu kasebat tadi, aya saena upami kenging perhatosan ti sakur anu raresep kana Seni Sunda sareng dina resepna teh sakantenan kaleresan pisan nuju jalembar ku kadunyaan!

Oge ku jalalaran dina waktos-waktos ieu, seni panggung urang masih keneh aya dina tahepan anu mundut dipajengkeun, tangtos pireugreugeun hate barudak Sunda upami anu kasebat raresep kana Seni Sunda tadi teh, di sagigireun ngadoudeul politik masing-masing karesepna, oge kersa merhatoskeun usaha anu dimaksud tadi.

Margi ngamajengkeun Seni Nasional, oge kantenan kalebet kana politik ngiring mamorkeun komara nagara. Mangga geura galih!

Upami seni atanapi kasenian henteu aya ajen-politikna mah, piraku teuing Pa Karno miceunan artos nagara ngiutunkeun misi kabudayan jeung kasenian kaluar nagara urang? Ambahan kasenian urang Sunda, dugi ka kiwari sajabi ti kalintang pisan heureutna, oge jiga henteu aya anu ngusahakeun kangge ngelegakeun eta ambahan. Dupi anu parantos tangtos pisan mah, di urang aya sawanten-wanten anu ngandung emutan kieu:

“Naha nya euy, ari kasenian urang mah kacida pisan seuseulna dipintonkeun ka mancanagara teh? Nyakitu deui dina seni-seni sejena, jiga pisan urang Sunda teh rendah kasenianana. Sakalieun aya anu mintoukeun, sok asa teuing ku piraku kabisa urang urang Sunda teh bener ngan nepi ka sakitu? Gence, ilikan bae gambar-gambar reportase jeung buku penerangan pikeun luar negri. Golek Sunda ana diebrehkeun ka mancanagara teh, mani beleke-bakiak meunang ngecet!”

Mụng dugi ka saukur gugurutu wangkul; dupi usaha ti urang Sundana pribadi kangge ngoreksi mah, jiga henteu aya pisan. Eta cenah, bisi dipajarkeun chauvinistis, bisi dipajarkeun ngagaduhan rasa ka-Sundaan anu kalalangkungan. Raraosanan kitu eta teh kakantunan ti jaman urang Sunda ditintigakeun ku anu majarkeun yen urang Sunda (urang Sunda anu progresif) bade ngutamikeun sareng nonjol-nonjolkeun kasukuan, kadaerahan.

Henteu kedah bade ringrang-ringrang bae, margi apanan maksad urang teh ti kapungkur oge sanes kitu. Oge ulah poho! Urang Sunda oge, di ieu nagara kasatuan, ngagaduhan bak kangge ngedalkeun rasa jiwana ku jalan mintonkeun dayaciptana dina widang seni panggung Sunda; mistenkeun kasangge-manana yen ajen kasenian panggang Sunda teh, tiasa janten salasawios tina Seri Nasional Indonesia, sareng moal bade kawon dina pamanggungan internasional.

Upamina bre cenah, kangge tahapan seni nasional mah, ujang kudu ngabogenu bahan anu ngan hurus dibogaan ku eta bangsa utamana tema anu klasik. Saperti urang Wetan mah kagungan Ramayana!

Waler urang teh kanteran: “Bapa! Urang Sunda oge ngagaduhan anu ngan husus digaduhan ku urang Sunda bae mah. Saneus klasikna henteu sakeles suteng Ramayana oge, namung cekap kangge nyarenganana, nyaeta Pantun!”

Pamanggungan lalakon pantun, kantenan tiasa didamel salasawios kareueusan bangsa urang sadaya. Mangga, pasikan bae kasempetan sareng waktos! Sina ditembongkeun ku barudak urang yen Seni Sunda teh henteu mung dugi ka anu disarebat Seni Suara bae, anu numutkeun pandangu mah cenah: idyllis melancholis. Samalili ceuk ceuli anu henteu gaduh pangartos rasa seni mah, geuning cenah: Koyo wong nangis! Urang mah moal ngajakkeun reaksi kana pojok; bade oge ngajakkeun reaksi kana kamajengan!

Mung bae kangge eta kamajengan seni panggung, barudak Sunda teh kantenan butuh pisan ku bantuan; bantuan anu urang teras terangna bae, tangtos henteu cekap upami mung ku bantuan moril sareng advis-advis wungkul mah! Dupi eta bantuan anu diperlukeun, mugi ulah diusabakeun ku jalan mangnyuhunkeun subsidi atanapi sokongan finansiil ti Pamarentah. Satiasa-tiasa piwaragadeunana kedah tina hasil usaha kalangan urang-urang keneh, kalayan sanes ku jalan musapir. Kantenan ti Pamarentah oge dibutuhkeun bantuan; nya eta dina widang fasilitas-fasilitas seni.

Margi ulah nyuhunkeun sokongan artos ti Pamarentah teh, nyaeta ngemutkeun kana kaayaan balanja nagara anu ayeuna sakitu repotna. Ku ngamajengkeun seni panggung Sunda, ulah bade salempang dipajarkeun janten panganut ide Sunda-sentris; margi urang teh ngamaksad bade ngiring nanjeurkeun umbul-umbul komara nagara Indonesia ku jalan nyadiakeun bahan-bahan anu dina hiji waktos baris diperlukeun ku Bapa Rayat. Mangga geura, galih!

Hiji waktos urang luar negri baris boseneun ku sasajen anu saban-saban disuguh-suguhkeun ku tukang olah anu eta-eta keneh bae. Di mana urang luar negri janten bosen, hal kitu tiasa ngajakeun efek kana pamorna komara nagara. Tangtos Bapa Rayat teh merlukeun gentos sasajen. Upami seni panggung urang Sunda parantos sadia mah, seni panggung urang teh kantun prungna bae; sareng tangtos kalayan nyugemakeun ka sakur anu nyaksianana. Samalih tiasa janten Dewa ti kahinyangan oge maresen karcisna teh sataun ti payun.

Mung bae tangtosna, seni panggung Sunda teh kedah leres sae! Ulah mung sae sanggem urang Sunda wungkul; ieu mah kedah saena teh numutkeun pamendak deungeun sadaya. Oge dina saena, ulah husus ditujukeun kangge pintonkeuneun ka luar nagara bae. Kedah sae anu leres sae, sing dugi upami wenang mah, janten picontoeun ka sandiwara urang Kahiayangan. Ku kituna, anu barade ngaraeh carios-carios pantun kangge pintonkeuneun dina panggung, mayunan pidameleun anu meriukeun katalitian. Boh dina ngaraehna, boh dina milih para pamanggungna, boh dina nyipta-nyipta wangun adegan-adeganana.

Margi lalakon pantun teh, sanes lalakon jaman modern; oge sanes anu kajantenan-kajantenana tiasa dicipta-cipta di jaman taunan 1700 ka-dieunakeun. Namung ka ditunakeun! Dina jaman anu sagala benten, anu kiwari henteu bade gampil-gampil kagambar ku panyipta urang dina parihal kaayaan sareng kahirupan dina eta jaman. Komo upami ngemutkeun yen jaman Padjadjaran teh, tiasa dibagi janten tilu periode: jaman Padjadjaran sateuacan Prabu Siliwangi, jaman Padjadjaran nalika Prabu Siliwangi, sareng jaman Padjadjaran saparantos Prabu Agung anu disebat tadi.

Tiap-tiap jaman kedah pisan katawis dina pamanggungan: supaos nyerep kana raraosan atanapi ciptaan para panongton; tiap jaman benten ti anu sanesna. Dupi eta perbentenan tiasa dipidamel ku dangdosan, hiasan, pajangan sareng modelna pakarang. Mung kedah atos-atos dina bade ngagunakeun basa pantun. Margi basa teh ngagaduhan bagian anu teu kinten pentingna kangge nyukseskeun atanapi ngagalkeun pamanggungan.

Utamina kedah diemutkeun ayana kadaerahan basa. Guruning nya anu disebat “basa Sunda Priangan” sareng basa “Sunda Bogor” sareng sanes-sanesna deui! Sakumaha saena oge maksad bade minteukeun basa salasawios “kadaerahan, namung efekna mah sok tiasa ngabandeueulkeun.

Dina pamanggungan, basa atanapi kecap teh, kedah harita keneh kahartos ku para panongton. Upami bae, basa pantun anu disebat basa pakulonnan Bogor, kangge wewengkon Bogor, Sukabumi, Palabuan Ratu, Jakarta sareng Banten mah, moal bade ngajantenkeun rurudet. Samalih nambihan karesep publik! Namung upami dianggo dina pamanggungan di Bandung, Garut, Tasik, umumna di Priangan ti Sukabumi ka wetankeun, sarupina bae mung saena teh kangge golongan intelek wungkul. Tangtos moal seazur anu ngartos kana kecap “jasa” sareng “karuhan” atanapi “tilok”. Sawangsulna kecap “beng” kangge wewengkon Bogor sakurilingna mah, henteu nimbulkeun reaksi; samalih kahartosna teh ngalelewa!

Dina bade nyandak kalimat-kalimat pantun (basa heubeul atanapi basa spesifik daerah), tinangtos mundut bantuan ahli basa mah, langkung sae nyambat bantuan jalmi-jalmi ti eta daerah atanapi jalmi anu parantos lami pisan ayana di eta daerah. Margi ahli basa mah, mung dugi kana sipat ilmiahna eta basa bae; dupi jalmi-jalmi anu kasebat pandeuri biasana terang dugi kana jiwana eta basa atanapi kecap.

Tangtosna kedah nyambat jalmi anu aya pangartosna; ulah sambarang jalmi asal eta daerah bae! Kumaha upami ngajakeun asimilasi tina “versi” basa? Tiasa dicobi! Namung ulah lali, tiap wilayah ngagaduhan karakter pribadi, ngagaduhan rasa pribadi anu henteu gampil-gampil tiasa disamikeun kana rasa anu dicita-cita ku sutradara, ngawangsul deui kana diaman”.

Dugi ka ayeuna henteu acan seueur ahli sandiwara Sunda anu tiasa masihan gambaran anu kinton-kintena bade nyaketan kana anu jiga kaayaan anu baheula. Eta kakirangan, ditimbulkeun ku kirangna panalungtikan; atanapi ku henteu katepina cipta kaayaan diamanna.

Katawisna pisan eta kakirangan, nya eta dina dangdosan, paimahan (karaton), adat istiadat, lampah (nyembah, calikna raja, diukna rayat), pajangan, perhiasan, parabotan (tampekan, tampolong, payung, pakarang) sareng oge tina ngagunakeunana pakarang, Kujang! Kumaha ngagunakeunana kujang?

Aya basa pantun, “Kudjang mah tara ninggalkeun sesa; ninggalkeun oge rangda ngora!” Upami ditingal tina konstruksina, kantenan kujang teh hiji pakarang kuno anu sanes “kahayangna” kedah dikadekkeun, sanaos aya basa “Kudjang dua kadekna!”

Numutkeun anu kupendak tina lalakon pantun “Dadap Malang sisi Ci Mandiri”, kujang teh sanes dikadekkeun namung disundukkeun, ditusukkeun, ditojoskeun. Hasilna klop pisan sareng buktos konstruksina. Disundukkeun, ditarik mundur sabari rada diputerkeun. Kantenan amburadul padaharan anu disundukna teh.

Upami pamendak Dr. Ir. Rd. Soehamir sareng pamendak Wahyu Wibisana yen karaton Padjadjaran baheula mah moal bade mangrupi gedong ageung anu agreng sapertos dina film 1001 Malam damelan Amerika, kontenan tiasa pisan. Samalih upami ngemutkeun kana tahapan tehnik ngadamel rorompok dijaman harita, sareng ditingal tina tapak-tapak di patilasan-patilasan, keraton raja-raja urang baheula teh moal tebih tina rorompok ageung anu langkung rapih upami dibandingkeun sareng anu sanes-sanesna; dihateup ku injuk, tihang-tihangna tina kayu dolken anu diukir; dilebetna henteu aya permadani rajutan Mesir atanapi Java Peking Carpet Coy. Upami bak kasampak oge, tangtos kulit uncal sareng kulit maung!

Manggungkeun karaton Pajajaran baheula numutkeun eta konsepsi, seueur sutradara anu henteu wantuneun. Tangtos cenah ngarendahkeun darajat raja-raja urang baheula. Namung eta sutradara-sutradara henteu aremut yen ku ngagunakeun ahli majang anu tiasa pisan masieupkeun warna-warni, paningal publik teh janten ngawangsul janten resep; sareng ka para panongton teh kapentingan hiji bagian tina sajarah urang.

Dupi dangdosan, upami numutkeun tukang pantun baheula ti pakulonnan Bogor mah, condong kana orang Padjadjaran baheula teh, henteu ngaranggo tukang pantun bae; nyakitu deui calana sontog. Baheula, istri sareng pameget mung ngaranggo sinjang bae, sareng upami di pangkatana, ditambih ku sabangsa karembong. Nganggo sinjangna henteu diwironkeun (henten didodotkeun); cekap ku dibeubeurkeun bae sapertos menak-menak sebrang ayeuna ngaranggo sinjangna!

Kitu udeng atanapi bendo citak, kantenan sanes dangdosan jaman Pajajaran baheula. Upami bade oge, nya eta iket anu dibeulitkeun sapertos urang Baduy marake iketna. Namung henteu sadayana rayat ngaranggo iket! Warna sinjang sareng iket, upami kangge rayat biasa mah, tiasa janten biru nila. Polos, sanes batik! Oge kangge para menak polos bae; mung warnana kedah anu sarae. Sanaos tehnik ninun di jaman harita jigana bae henteu acan dugi kana nyongket, namung kangge visual effect dina pamanggungan, kantenan tiasa digunakeun sinjang anu disongket atanapi lawon damas. Namung ulah anu motiefna (kembang-kembangna) modern.

Cenah kumaha tiasa nangtoskeunana dangdosan masing-masing jaman Padjadjaran? Kantenan bae moal aya anu tiasa mastikeun anu leres. Namung upami dicipta-cipta saparantos ngayakeun panalungtikan tina gambar-gambar kuno sareng buku-buku kuno ti museum anu nembongkeun kaaya di jaman ngawitan urang Portugis e.s. darongkapna ka Banten, tiasa dikinten-kinten kumaha pimodeleunana.

Numutkeun wartos, tiasa janten dina pamanggungan lalakon pantun Dadap Malang anu kasebat tadi, anu bade kapintonkeun ku putra-putri Sunda di Bogor, raehan Pa Saleh Danasasmita sareng disutradaraan ku anjeuna saparakanca, tiasa kapintonkeun kumaha kinten-kintenna dangdosan di jaman Pajajaran nalika aya keneh Prabu Agung Siliwangi Padjadjaran Sunda.

Namung kantenan sarupina bae anu bade kapintonkeun teh, sanes hiji konsepsi anu nangtoskeun pangna kedah kitu. Tangtosna mah sakadar ciptaan type bae. Sareng tangtosna oge diracang deui, margi kangge visual effect, tangtos aja bagian-bagian kostum anu kedah ditambih ku onderdil-onderdil anu ayana teh mung jiga di djaman kiwari bae; padahal di jaman baheula oge unu disebat rumbe-rumbe teh parantos aja! Oge dina sanggul istri tiasa kedah aya sakedik-sakedik perobihan upami kapaksa, ku jalaran kaayaan rambut anu janten pamanggungna. Dupi anu tangtosna mah, putra-putri Sunda di Bogor teh nuju milari conto dangdosan anu henten anakronis anu henteu patunjang-tunjang kana jamanna lalakon!

Tina pangalaman anu parantos-parantos, sering anu kapintonkeun dina pamanggungan lalakon pantun teh, henteu salamina sapagodos sareng pamendak para ahli sandiwara anu sanes, anu dina saban jaman oge tetep bae aya. Nya eta anu ngaraos salirana teh Old Cracks; samung henteu aremut kana ayana: benten djaman, benten daerah, oge benten pamendak. Komo upami eta henten pamendak teh kawitna dikonsentrit mung ka hiji daerah bae.

Sareng nganggap yen pantun kedah dilokalisir kawitna ti hiji daerah bae! Henteu aruninga yen dikalangan tukang pantun anu leres-leres, aya anu disebat pantun kanda wetan, kanda Bogor, kanda Baduy; kanda-kanda ana dugi ka ayeuna henteu acan tiasa masihan buktos anu nangtoskeun ti daerah mana saleresna kawitna ayana (carita) pantun teh!

Timbulna pancogregan antawis kritikus sareng sutradara c.s. sapertos umumna bae, dilantarankeun ku rupi hal anu henteu kapaham; boa ku pihak kritikus boh ku pihak sutradara e.s. memang aktos, henteu kirang-kirang sutradara katut panasehatna jalaran ngutarakeun kauntungan artos wungkul, dugi ka henteu miroses kana hal-hal anu kedah dipintonkeun atanapi anu kedah henteu dipintonkeun!

Kangge ugabela diri, kangge sutradara e.s. gampil pisan ngawalerna. Cekap ku “Anu harita di utamikeun teh mung senina, sanes sajarahna,” waleran anu kantenan leresna.

Margi seni oge ngagaduhan segina pribadi: segi tinansiil ekonomis, segi senina pribadi, segi hiburan, segi ngadidik, segi sajarah, segi politik. Ku kituna upami aya pamanggungan lalakon pantun anu henteu paralel kana pamendak para ahli sastra, ahli sajarah atanapi ahli ngadidik, sutradara katut para panasehatna henteu tiasa dileputkeun kita bae; sumawonten bade dipajarkeun: euweuh kabegug mah!

Mung bae upami bade ngunggahkeun carios pantun ka panggang seni nasional mah, segi senina kedah ngarangkep pisan kana segina sajarah! Dina lalakon pantun aya hiji tokoh anu heunteu sami diinterpreterna. Nya eta figur Si Lengser. Aya anu nganggap Si Lengser teh hiji figur bodor wungkul.

Pamendak kitu tiasa janten ku margi pahili kana figur si Kabajan. Aya deui anu nganggap Si Lengser teh hiji tokoh ahli falsafah anu ku tukang pantun ngahaja dipurilitkeun, supaos ucapan sindirna anu sarareukeut, dianggap ucapan banyo bae ku anu ngadaranguna mah. Mangga geura, sindirna Si Lengser dina lalakon Ngadegna Padjadjaran; tangtos eta teh sindir ka pamarentah Walanda kapungkur: Ayeuna mah, Raden, amun jaga jadi raja, mudu adil paramita. Ulah adil para mitra. Komo mun adilna, ngan ka sabangsa bae.

Falsafah Si Lengser dina lalakon eta keneh: “Urang deuleu heula: limus endjeung endog! Luarna pada-pada disebut: cangkang! Kumaha ngaran jerona limus? Kumaha ngaran jerona endog? Dina limus mah, jerona teh disebut daging, anu leuwih ka jerona disebut pelok. Ari di endog? Naha jerona teh dingarannan nurutkeun semuna: bobodasna jeung beubeureumna? Dina limus, buka cangkangna; buka eusina, tinggal pelokna. Ari pelokna, anggeus misah ti anu sejenna bisa jadi deui tangkal! Kumaha ari endog? Buka cangkangna, eusina. Cenah bisa ulah sina patulayah! patulayah! Kulub endogna! Seug! Tapi beubeureumna? Tiiiiilok atuh bisa jadi kotok?”

Kantenan, Si Lengser teh pepetana dilucukeun; namung sanes dibodorkeun dugi ka kancolah motah. Kitu upami Si Lengser dina kanda Bogor.Saladjengna aja keneh anu merlukeun perhatosan; nya eta bagian panyari suasana: musik anu di urang mah diwangun ku suwanten gamelan atanapi kacapi. Ieu teh hiji bagian anu kantenan henteu kinten pentingna, namung meh di saban pamanggungan dimana-mana, sapertosna teh mangrupi acara mandiri anu ngiring ngararamekeun pamanggungan!

Kangge masieup tiap-tiap adegan, utamina dina waktos-waktos ngagantosna adegan “musik” teh janten pameungeut perhatosan publik supaos eta perhatosan ulah dugi ka buyar. Namung ku jalaran para sutradara biasana mah, urusan nabeuhna gamelan teh sok nyasabodokeun kumaha para nayaga bae, eta musik teh sering pisan janten ngaganggu kana perhatosan para panongton. Sadaya sutradara aruninga kana perluna aja suwanten musik.

Namung henteu merhatoskeun dina milihna lagu. Henteu diaremutkeun yen kedah aya perbentenan-perbentenan lagu kangge bagian? Adegan sareng bagian-bagian selingan sapertos di waktos luang anu dianggo kanggo ngagentos adegan (waktos layar nutup). Oge henteu diperhatoskeun lebah-lebahna di mana suwanten gamelan kedah barus, sareng lebah-lebahna di mana suwanten gamelan henteu kenging harus, atanapi lebah-lebahna di mana suwanten gamelan kedah digentos ku suwanten sanes. Sapertos digentos ku suling kangge musical background illustration!

Salajengna, oge dina milih ngaturna lagu, seueur anu taranggel jawab dina pamanggungan, henteu ngemutkeun kana perluna milih lagu. Dina waktos-waktos anu luang, kantenan saena upami laguna, lagu-lagu anu dipikaresep pisan di eta waktos sareng ditabeuhna gamelan teh kedah cekap barus. Dupi dina kaperluan masieupkeun adegan atanapi samemeh mintonkeun adegan, saena mah lagu-lagu anu semi klasik atanapi anu disarebat semi modern. Nabeuhna gamelan sing sedeng bae, ulah harus teuing!

Minangka bewara ti payun di waktos layar nutup, upami bade mintonkeun adegan, suwanten gamélan teh diturunkeun, ulah harus deui; nya eta kangge ngempelkeun deui perhatosan publik. Aya adegan anu merlukeun pisan suwanten gamelan anu harus; nya eta dina adegan perang atanapi rusuh, aya adegan anu henteu pisan kenging kaganggu ku suwanten gamelan atanapi musical background illustration! Sapertos dina waktos nyariosna para pamanggung dina adegan anu penting (dialog). Tapi seueur adegan anu kedah ayana eta musical background illustration anu disuwantenkeun boh ku gamelan boh ku instrumen sanes; namung kadanguna cekap ku hawar-hawar bae.

Adegan-adegan anu waas atanapi anu sedih, perlu pisan dipasiceupkeun ku suwanten sapertos tadi. Kangge kalancaran pamanggungan, pembantu sutradara anu ditugaskeun mimpin gamelan, kedah dipasihan catetan di lebah mana-manana gamelan kedah harus, kedah turun, kedah hawar-hawar sareng di lebah mana kedah ayana pangantosan instrumen.

Ulah disabodokeun bae ka para nayaga; margi sanaos sakumaha tariasana narabeuhna oge, para nayaga mah henteu tarerangeun lebah mana kedah fortisimo, crescendo, piano atanapi Fianisimo. Anu ka bagian gamelan kedah pisan diperhatoskoun; nya eta suwanten gendang sareng suling, anu saban-saban di mana trh kalintang harus teuing dugi ka ngarongkup kona suwanten-suwanten anu sanesna. Henteu aremut yen dominasi sewanten gendang main, mung dina gendang penca bae; dupi dina melodi mah, pungsi gendang teh janten panyicap sareng pengatur wirahma.

Oge dina igel (ibing) suwanten gendang teh ulah sina kalalangkungan; kajabi dina bagian-bagian anu mintonkeun kakistan atanapi tanaga. Gamelan kumaha anu pangsaena dianggo kangge pamanggungan lalakon-lalakon pantun? Saena mah gamelan degung laras pelog; namung sulingna kedah aya dua rupi. Hiji anu tetep janten setelan gamelanana sareng hiji deui anu suwantena ageung kangge anu tadi disebat musical background illustration teh!

Bagian sakantenan kalebet kana penting pisan, nya eta bagian ngagunakeun cahaya lampu warna-warni. Warna cahaya anu salamina kedah disadiakeun nya eta beureum, hejo, sareng biru. Kumaha tehnikna? Upami sadayana bade diterangkeun, kantenan moal cekap ku sapuluh lembaran deui tina ieu buku.

Ayeuna mah mangga geura test bae suggestie anu tadi. Nyanggakeun.***

Penulis: Mochtar Kala (Rakean Minda Kalangan)

Catatan: Arsip ini diambil dari Majalah Baranangsiang (1963) dan disunting-editori oleh Teguh Tri Fauzi. Halimun Salaka mempublikasikan ulang plus menyebarluaskan tulisan Mochtar Kala ini dimaksudkan sebagai wahana reflektif bersama mengenai sesuatu “pucklore” yang pernah tersebar di Bogor, khususnya diperuntukkan dalam menyambut Hari Jadi Bogor ke-544.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *