Ieu sadayana cariosan kenging nukil tina pi-unjukna Manan (juru kuncina Kabuyutan Cicanggong), dina dinten jumaah, kaping 22 maret 1912 ku Wadana Jasinga. Nu sumberna dicandak tina: Notulen van de Algemeene en Bestuurs-vergaderingen van het Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen (Risalah Rapat Umum dan Rapat Dewan Masyarakat Seni dan Sains Batavia) edisi tahun 1912, teras diseratkeun deui (10 Mei 2026) ku Muhamad Alnoza sareng Teguh Tri Fauzi di Skriptorium Halimun Salaka, Pamijahan-Bogor.

***

Tina perkawis barang-barang kabuyutan, anu dianggap jadi karamat, anu diurus ku juru kunci nu wastana: Manan. Pi-unjukna, ti waktos ramana anu jenengenan Jama, anu tilar dunya kinten-kinten parantos aya 18 tahun lamina. Eta sadaya pakakas, anu ka wincik tea kedah dirawatan salamina, nyaeta dina unggal-unggal kaping 14 sasih mulud, ku Manan kedah dibersihan dikukusan nganggo menyan sareng disidekahan rasul ku sadayana urang Lembur Cicanggong.

Mimitina, nya numutkeun tiasana tali paranti sareng wasiat ti sepuhna deui. Saurna, “lamun aya nu menta sakabeh barang-barang Kabuyutan, poma pisan ku maneh ulah dibikeun. Kajaba engke upami aya sahiji jalma anu make papakean sampingna kadut, bobodongna batok, lamun eta datang mariksa kadieu sarta bisaeun maca eta tutulisan tina lontar—tur uningaeun kana asal-usulna—tangtu nyaeta pisan anu kagungan eta milikna. Tah, lamun dipundut ku eta mah kakara eta sakabeh barang-barang sakabuyutan tea, ku maneh bisa dibikeun bae.”

Numutkeun cariosna pun bapa, yen eta sadayana barang-barang sakabuyutan teh kawitan pisan mah ti Banten, nyaeta nalika Kanjeng Sultan Banten jumeneng keneh. Jaman harita Kanjeng Sultan Banten kagungan dua putra, pameget sadaya. Mung henteu kacaturkeun jenengana, kacaturkeun putrana anu cikal ku ramana didaweuhan titah angkat ka Solo, rupina baris dijenengkeun Sultan di Solo. Enggalna, lajeung eta putrana anu cikal jeungkar ka Solo sareng nyandak rupi-rupi barang. Dupi dongkapna ka Solo, parantos kapiheulaan manten ku rai-na. Padahal eta mah teu ditimbalan angkat. Tur harita teh eta mah rai-na tos jumenengan di Solo.

Kecapkeun, eta putrana Sultan Banten anu cikal, lajeung bae mulih ka kulon dupi dongkar ka Lembur Gelap—Desa Nanggung. Anjeuna sindang heula dirorompokna Kai Buyutna Manan anu teu terang wastana. Nya didinya pisan, anjeuna mibapekeun eta sadayana barang-barang kabuyutan ka karuhun na Ki Manan. Dupi ti dinya anjeuna, eta putra Sultan Banten lajeung jengkar deui bae, namung taya hiji anu terangeun angkatna. Nya kitu deui ti waktos harita, teu aya anu terangeun dupa sabaraha tauneun lamina dugi ka ayeuna.

Panyarioseun barang eta sadaya lumungsur ka buyutna Manan, nyaeta Samidin. Lami-lami, anjeuna ngaraos risih inggis kapendak ku pulisi. Lajeung bae eta sadayana kabuyutan tea dialihkeun nyaeta disumputkeun di leuweung lebak kabuyutan, caket ka Lembur Cicanggong.

Saparantosna buyut Samidin tilar dunya, nyaeta putrana Saripin kenging wartos ti juragan cutak pulisi Jasinga, nyaeta Mas Nardan nyebatkeun yen eta barang-barang kabuyutan teh taya pameunganana najan dirawatan di kampung oge. Atuh lajeung bae eta sadayana kabuyutan tea, dialihkeun deui ka Lembur Cicanggong, nya dugi nepi ka ayeuna pisan eta barang-barang Kabuyutan di Lembur Cicanggong.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *