Manusa jeung Kahirupana
Simkuring sorangan
nyukcruk labirin
tanda-pananda
silib
sindir
simbul
siloka
sasmita
…
Ahung!
Amit ampun nya paralun, hirup ti dunya sangkan neangan kalangkang
Gusti nu teleum ti dadasar hate urang sorangan.
Hebeul nepi ka Kiwari
naha geuning dangding prakna leungit
ti hiji poe abdi nyukcruk jabaning langit
nyoreang ka leuweung nincak ka luasna jagat
meuting narawang bulan sareng nangtang bentang
eiy, pileuleuyan anaking
sing-horeng ti alam dunya mah
dangding teh ngarupa indung sareng bapa
aya waktos na – aya teleum kuburan na.
Pamijahan, 2025
Carita nu Tiasa Mapaykeun Jalan Kabagjaan
(Aing rek carita, lain eceuk
lain ceuk dongeng, iyeu mah pang-
alaman sorangan)
lamun mulaian hirup
ulah gedebag-gedebug
kos hayam dibeurik lasun
keun rada kos kuya weh
lalaunan ge tiasa ngumbaraan
waktos nu tereh, teu sirikan–
teu loba kahayang
ujug-ujug ngawasaan jalan
ti buana panca tengah
atawa,
hurip-hirup mah kos panon poe
lalaunan ge caang
teu ngabangus ka lakon buana
nu loba dibaturan ku-jelema
kumaha?
(engke aing arek carita deui
beneran lain eceuk
lain ceuk dongeng
ayena cag tunda heula)
ngahaturkeun!